Biantara Basa Sunda - Kepoah.com - Info Kepo Hari Ini

Biantara Basa Sunda

Monday, February 17, 2014
Biantara Basa Sunda
Tema: Kabersihan
Judul: Ngajaga Kaendahan Lembur

Assalamualaikum Wr.Wb
Langkung tipayun mangga urang panjatkeun puji sareng syukur kahadirat Allah SWT, mung ku ridhona arurang sadaya tiasa kempel di ieu patempatan kalayan sehat walafiat.Shalawat rawuh salam muga tetep dilimpah curahkeun ka junjungan urang sadaya nyatana nabi Muhammad SAW.
Hadirin sadayana dina ieu partempatan simkuring bade ngauningakeun yen ngajaga lembur teh penting pisan kanggo urang sadayana sangkan urang nyaman, jadi tos waktosna ayeuna yen arurang ngajagaan lembur teh, sanes tos waktosnya ketah, da puguh ti kapungkur oge tos kawajiban arurang sadaya ngajagaan lembur teh, boh kabersihana saperti dina hadis oge aya ,yen kabersihan sabagian tina iman, atawa dina katertibana oge kaendahanana.
Sanes malah teu paduli kana lembur arurang teh,ngantep kana wilayah urang anu kotor. Contona sampah aya dimana-mana, lung kadie-lung kaditu, sabari teu mikirkeun kana naon-naon dampak ti miceun sampah kamana-meni kitu teh.
Pan geuning sampah teh aya tempatna. Tapi da jalma hirup tea geuning sok malales kana kawajiban teh.Nya jadi ayeuna mah sing getol we ngajaga lembur teh, salah sahijina nyaeta miceun sampah ditempatna.Da mun sanes dimimitian ku urang ku saha deui,sareng mun teu ayeuna bade iraha deui.Mudah-mudahan urang tiasa ngalaksanakeunnana.
Mung sakitu anu kapihatur, bilih mah aya kalepatan dina abdi nyarios nu nyentug kana hate nu teu ngenah kana manah muga-muga tiasa dihapunten.
Wabilahi taufik wal hidayah, Wassalamualaikum Wr. Wb.




No comments:

Powered by Blogger.