pangaruh internet - Kepoah.com - Info Kepo Hari Ini

pangaruh internet

Saturday, April 28, 2012
Pangaruh internet

KU ayana kamekaran téknologi internét nu ngarambah nepi ka tepis wiring, tétéla mawa pangaruh nu kalintang hadé kana kahirupan basa Sunda. Sanajan téknologi datangna ti deungeun, tapi lain hartina mareuman basa Sunda. Perkara ieu bisa diimeutan dina sawatara jejaring sosial, saperti facebook. Réa diantarana anu tara asa-asa deui ngawangkong téh ku basa Sunda tur bisa kabaca ku balaréa. Malah aya rasa kareueus kana basa Sunda, mangsa bisa ngawangkong ngagunakeun basa indung. Lebah dieu, bisa dicindekeun yén naon rupa anu jolna ti deungeun téh henteu salawasna goréng, malah nu hadé ogé kacida réana. Kilang kitu, kalintang gumantung kana kumaha carana urang ngamangpaatkeunana pikeun kahadéan. Poé basa indung anu dipiéling saban 21 Fébuari tangtu bakal leuwih haneutun ku ayana natrat yén basa indung téh hirup kénéh, dina harti masih diparaké ku masarakat dina wangkongan sapopoé. Lain baé basa Sunda, da kaasup basa indung sélér séjénna ogé jadi leuwih hirup ku ayana kamekaran téknologi. Lebah dieu seukeutna sawangan UNESCO téh, anu antukna netepkeun 21 Fébuari minangka Poé Basa IndungInternasional.

Héabna sumanget pikeun ngamumulé basa Sunda ogé bisa karasa ti kalangan rumaja. Contona, dina Féstival Drama Basa Sunda (FDBS) Pelajar anu diayakeun ku Téater Sunda Kiwari, pesertana bisa ngajaul ngaleuwihan targét panitia. Sabada pendaptaran FDBS Pelajar ditutup, kacatet 49 grup téater rumaja nu miluan dina éta féstival. Lain baé patandang ti Jawa Barat, da aya ogé peserta anu jolna ti Banten. Basa Sunda henteu bisa dipisahkeun ku wilayah administratip. Komo deui Banten mah kapan sidik Sunda pisan.

Sajabana ti FDBS Pelajar anu digelar ti tanggal 7 nepi ka 27 Fébuari, di Gedong Kasenian Rumentangsiang ogé maneuh dipidangkeun rupaning kasenian Sunda, kayaning tari tradisonal, sandiwara Sunda, longsér, jeung sajabana. Beuki pikabungaheun basa nengetan personilna leuwih réa didominasi ku kaum rumaja. Sandiwara Sunda mimiti neut-neutan deui, dipidangkeun sacara maneuh di Rumentangsiang. Grup Sri Murni jeung Ringkang Gumiwang kaasup dua grup sandiwara nu mindeng ngagelarkeun pintonan di Rumentangsiang.

Ku leuwih hirupna basa Sunda, boh di dunya maya atawa dina kahirupan sapopoé, dipiharep mawa pangaruh hadé pikeun masarakat. Budaya Sunda tetep bisa kajaga pikeun ngawangun kahirupan nu silih asah, silih asih, tur silih asuh. Réréongan dina kahadéan, wanoh jeung baraya katut tatangga, muga leuwih natrat deui. Urang Sunda bisa ngigelan kamekaran jaman, bari henteu kudu ngaleungitkeun idéntitasna salaku urang Sunda. Pon kitu deui, taya salahna mikaresep kasenian deungeun kalayan henteu kudu mopohokeun kasenian banda urang.

Dina mangsa globalisasi kiwari, taya deui pilihan iwal ti kudu wani aub tarung dina persaingan. Urang Sunda kudu siap tandang makalangan sangkan henteu jadi galandangan di lembur sorangan. Pangpangna mah nurutkeun data statistik, di lembur sorangan ogé tétéla urang Sunda méh kaléléd ku para pendatang. Widang ékonomi, pulitik, katut kasenian, ulah nepi ka kajadian jati kasilih ku junti. Urang Sunda kudu bisa hirup kalayan walagri di lemah cai Sunda. Ironis kabina-bina mangsa nyaksian urang Sunda nu teu kabagéan pacabakan tur teu mampuh mibanda pangiuhan. Di sisi séjén, réa nu hirupna medah-meduh, malah ngarasa bingung kudu kumaha méakeun raja kaya.
Dina kaayaan sarupa kitu, naha kamana atuh palsapah “silih asih” téh jeung sasama téh? Naha urang bet téga ngantepkeun baraya nu katalangsara di sarakan sorangan? Ku kituna, lain baé ngamumulé basana jeung kasenianna, tapi nu leuwih utama mah miara ajén inajén jeung saripati kalinuhungan budayana pikeun dipraktékeun dina kahirupan sapopoé. Lamun “silih asah, silih asih, jeung silih asuh” geus bisa diterapkeun dina kahirupan sapopoé, tangtu beuki éndah Sunda téh. Éndah alamna, éndah kahirupanana. Hirup basana, hirup kasenianna, tur hirup budayana. Apan harti “Sunda” téh éndah. Rék ditarjamahkeun kana basa naon ogé, “Sunda” mah salawasna éndah tur reumbeuy kahadéan

AYA OGE NU SANESNA
pangaruh internet ka rumaja ditempo ti sagi positif sarta ti sagi négatifInternetkecap anu henteu deungeun didangu saban jelemautamana para rumaja anu sok bergaul kalayan mentéréngna dunya anu bertekhnologi, mentéréngsarta praktis. Internet bisa beunang dimanapun urang ayaKalayan bermodalkan telepon sélular anungabogaan konéksi internetinternet bisa diaksés kalayan gampangna ngaliwatan HP dimanapun urang ayaatawa lamun henteu,disaban sudut dayeuh pasti aya hiji warung anu ngajual jasa internet atawa anu dawam disebut kalayan “Warnet”. Dunya InformasiTanpa Wateskitu pisan jalma-jalma nyebutkeunanaKuring sorangan henteu kitu yakin tapi naon kaci dikecap memang kitukaayaananaKalayan ayana internetaksés atawa jalan ka penyampaian informasi-informasi anu aya didunya ieu bisa dicokot kalayan gampangna saraya membalikkan leungeun atawa mengejapkan panon.

Loba élmu kanyaho anu kitu melimpah didituInformasi ngeunaan naon waé bisa urang manggihan di jagat internet ieuTuluy naonhubunganana jeung siswaTangtu waé pohara pageuh hubunganana jeung siswa alatan siswa henteu luput jeung anu ngarannainformasi sarta élmu kanyaho. Iinternet ieu téh média anu pang efektif sarta gampang pikeun beunang sarta diaksés ku saha waésarta di manapun, sanajan teu bisa dipungkiri yén alatan ayana kabébasan ieu bisa lumangsung ogé penyalah gunaan fasilitasinternet minangka sarana pikeun kriminalitas atawa asusila. Siswa anu kakara mikawanoh internet biasana ngagunakeun fasilitasieu pikeun néangan hal anu ararahéngKawas gambar-gambar anu henteu senonoh, atawa vidéo-vidéo ahéng anu boga sipat“asusila” séjénna anu bisa mangaruhan jiwa sarta kepribadian ti siswa éta soranganku kituna siswa terpengaruh sarta ngaréwongkonsentrasinya ka prosés pembelajaran di sakola.

Tapi kitu henteu kabéh siswa ngalakonan hal anu kitungan segelintir siswa-siswa anu usil waé anu ngalakonanana alatan kurangngabogaan rasa tanggungjawab ka diri pribadi sarta sakurilingnaTapi umumna internet dipaké ku saban siswa pikeun néanganatawa meunangkeun informasi anu nyambung kalayan materi palajaran anu manéhna tarima disakolaHal éta matakbisa siswa jadi leuwih kreatif sarta leuwih aktip dina néangan asal informasi sarta élmu kanyaho dibandingkeun kalayan siswa-siswa anu ngan diukcicing di hareup méja sarta ngaregepkeun guruna nyarita.

Hal ieu bisa jadi hiji motivator ka siswa pikeun terus ngembang sarta ogé bisa boga fungsi minangka penghancur(generasi ngora).Rumaja nyaéta makhluk anu rentan ka parobahan disakurilingnaManéhna baris nuturkeun hal anu pang dominant anu ayadidekatnya. Jadi kamungkinan lumangsungna parobahan anu drastis dina mangsa-mangsa rumaja baris nyorong kaarah manarumaja éta baris leumpangkaarah positif atawa négatif gumantung ti mana manéhna mitembeyan.

Rumaja anu kesehariannyabergaul kalayan internet baris leuwih tanggap ka parobahan informasi disakurilingna alatan manéhnabiasa sarta leuwih nyaho ngeunaan informasi-informasi kasebut ku kituna manéhna leuwih batan anu séjénnaTapirumaja anungabogaan kecenderungan dina hal anu négatif malahan sabaliknaManéhna baris nampak pasif alatan ngan diperbudak kugampangna sarta kayaan informasi ti internet kasebut.

Mangka ti éta alangkah alusna lamun urang bisa kalayan bijak ngagunakeun fasilitas ieu kalayan sebaikbaiknya dina hal anu positifdemi kamajuan diri sarta pribadi urangSalaku rumaja urang kabéh kudu bisa ngawasa téknologi anu keur lumpat gancang dina eraieualatan ku kituna urang ogé baris milu lumpat menyongsong mangsa hareup.


No comments:

Powered by Blogger.