acara paturay tineung basa sunda - Kepoah.com - Info Kepo Hari Ini

acara paturay tineung basa sunda

Saturday, April 21, 2012
ini contoh acara paturay tineung kelas ix dalam bahasa sunda                       

PATURAY TINEUNG

Assalamualikum wr .wb
Alhamdulilahi aujaba’alaina bil jama’ah wanahana ‘anit tafaruqi wal’adawah .ash-shalatu wasalamu alaina rosulillah syaidina muhammadibni ‘abdillah wa’ala alihi wa shahbihi wa ma walah,amma ba’du
Sugrining puji kasangga ka gusti nu maha suci ,sadaya puja kasangga ka pangeran nu maha kawasa .kalayan qudrat sareng irodat mantenna urang sadaya dina danget ieu tiasa kumpul ruing ,amprok jonghok ,hempak merperbayaksa dina tempat anu kalintang nyugemakeunana .mudah mudahan hibar barokah kalih maghfiroh allah swt ginuluran ka urang sadaya ,amin.teu hilap shalawat mugia dilelerkeun ka panutan alam ,manusia anu pangmulyana nyatana habibbana wanabiyyana Muhammad saw,katut kulawargina ,para sohabatna oge umat sadayana anu turut ,tumut ka ajaran anjeuna dugi ka poe kiamah amin.
 
Urang sadaya anu hadir didieu  , ngajadi saksi pikeun lumangsungna acara paturay tineung kelas ix anu di luluguan ku kulawarga besar smp tarogong kaler .nya jisim kuring pisan dina danget ieukapapancenan ku sekeseler panitia kanggo nataan runtuyan acara ti kawit dugi ka akhir ti awal dugi ka tutas na ieu acara. dupi acara anu bade kapindangkeun :

1.bubuka

2.galindengna ayat ayat suci al quran

3.biantara sareng pangdeudeul ti :
    -biantara ketua osis
    -wawakil kelas ix
   -pupuhu komiteu sakola
   -kepala sakola

4.Unjukan paturay tineung
   -.masrahkeun siswa siswi kelas ix
   -mushafahah

5. maca du’a
 
6 .panutup

7.hiburan
 
Supados teu nyolongkong teuing kana waktos  mangga ieu acara urang buka ku aosan basmallah sasarengan BISMILLAHIRROHMANIRROHIM .ku aosan eta acara parantos di buka kalayan resmi.
 
Nincak acara nukadua supados langkung langkung ginuluran hibaring baroqah mangga urang sami sami ngaregepkeun galindengna aosan ayat ayat suci al quran nu bade di aoskeun  atawa di tepikeun ku pangersa bapa ust.acep.     (tos beres)      hatur nuhun ka pangersana bapa ust.acep.mudah mudahan ku ngalangkungan aosan nu nembe baroqah tina amanah anu di popoyankeun tina dawuhan allah urang sadaya tiasa ngajalankeun sakumaha mistina malah mandar aya dina rido allah swt .AMIN

Di Lajengkeun kana acara nu saterasna nyaeta biantara jeung pang deudeul . nu kahiji biantara ti ketua osis ,mangga dihaturanan linggih .  (parantos rengse ).anu salajengna ti wawakil kelas ix.(tos rengse) ngahaturkeun nuhun ka wawakil kelas ix .anu saterasna pangdeudeul ti pupuhu komite sakola (tos rengse ) anu terakhir nyaeta pangdeudeul anu bade di tepikeun  ku kepala sakola ( tos rengse ) ngahaturkeun nuhun ka kepala sakola.mugi mugi aya manfaatna kanggo urang sadaya .

Anu salajengna nyaeta acara nu ka opat unjukan paturay tineung . nu mimiti masrahkeun siswa siswi kelas ix . (tos rengse) anu saterasna mushafahah .( parantos rengse )
  
Nincak kanu acara nu ka lima nyaeta ngaoskeun du’a marangga urang sasarengan ngadu’a ka allah nu maha kawasa . nu bade di barengan ku bu hj.fatimah (tos beres)hatur nuhun ka ibu hj.fatimah anu parantos ngabarengan ngaoskeun du’a.

Sateacanana kana acara puncak nyaeta hiburan mangga urang sadayana tutup ieu acara ku aosan ALHAMDULILLAHIROBBILALAMIN sim kuring ngahaturkeun  nuhun ka sadaya jalmi nuaya dideu kanggo kaperhatosanana anu parantos nyaksian ieu acara paturay tineung ti awal tug dugi kakhir .
  
sateu acana urang marulang ka rorompokna masing masing urang saksenan heula ieu acara puncak nyaeta hiburan 
  .
kuring salaku mc ngucapkeun

Wassalamualaikum wr.wb.

2 comments:

Powered by Blogger.